Sasakala Japati Sukuna Beureum




Jaman baheula,sato anu panggagahna teh hayam. Kabeh sato sarieuneun, sabab jaba ti gagah teh bisa hiber deuih. Nenjo balungna oge sato nu laleutik mah padaajrih. Kawantu boga pakarang ampuh, nya eta siih nu ngelik seukeut. Jaba ti eta, boga pamatuk ngeluk jeung ramo-ramo anu ranggoas paranti nyakar musuh deuih. Ku lantaran kitu, kabeh sato di kalangan bangsa manuk mah aranut ka manehna.
Unggal isuk rame kongkorongok, bulu mayangna gugurilapan katojo ku panonpoe nu karék meleték. Payus tegep ka rupa, makuta nu nyéngclé dina sirahna nambah sieup sari ka dirina, nu jadi taméng nagara. Ngan hanjakal boga sipat angkuh jeung sombong, teu kaop batur boga salah,tara tatanya heula sok jebrod bae dibintih. Tapi tara ieuh nu wani ngalawan, ku sabab sieun tea.
Dina hiji waktu, manehna ngaronda ka tapel wates nagara. Kitu bae gawena teh kakalayangan, panonna buringas nyidik-nyidik ka unggal juru, bisi aya musuh nu ngadodoho. Utamana musuh kabuyutanana. Sakadang Heulang. Ari sababna, Sakadang Heulang diusir ti nagara lantaran kedul digawe.
Keur jongjon kakalayangan, karérét ku juru panonna, aya nu celak-celak gugurilapan di luhureunana, hihiberan.
Napsuna mimiti naek, ceuk jero hatena, ''Saha mangkelukna nu kumawani ngaluhuran aing?!, kurang ajar siah geus cumantaka!''.
Harita keneh biur ngapung, ngudag nu keur kakalayangan tea. Barang tepi, teu tata pasini deui, tuluy dicehcer dibintihan, atuh gepluk bae ragrag. Manahoreng eta teh manuk japati. Ku lantaran japati mah leutik, teu wudu lamokot mandi ku getih.
Saenyana mah anu matak japati ngapungna luhur teh keur rurusuhan. Manehna mawa parab keur anak-anakna nu masih keneh piyik. Hayang buru-buru nepi ka sayangna. Tapi Sakadang Hayam henteu tunyu-tanya heula, ujug-ujug jebrod wae ngabintih manehna.
Sakadang Hayam nulak cangkeng, bari gadag-gidig. Pangrasana sugema geus bisa males ka nu cumantaka. Malah bari héhéotan jeung sura-seuri sagala.
''Karasa siah, sato teu boga kasopanan, tah kitu buktina!'' pokna bari najong.
Japati boro-boro bisa ngomong, ngararasakeun kanyeri oge geus ripuh. Hatena ngajerit menta tulung ka Dewata nu ngayuga. Jeritna tembus ka langit, kadangu ku Sunan Ambu, terus Sunan Ambu lungsur. Sakadang Hayam reuwaseun, ningal Sunan Ambu sumping. Ku Sunan Ambu Sakadang Hayam disupata, pokna, ''Maneh sato culika, nu teu boga ras-rasan. Ku sabab kitu, jimat maneh dibawa deui, ti semet poe ayeuna maneh moal bisa
ngapung deui''!
Sakadang Hayam ceurik, tapi teu bisa kukumaha, da tamaha manehna. Japati diubaran ku Sunan Ambu, hanjakal sukuna teu kaburu kaberesihan. Nu matak nepi ka ayeuna japati beureum sukuna.

(Dicutat tina Dongeng-dongeng Sasakala, karangan Ki Umbara)

Comments